GACCORS Nanjeurkeun Pertanian Organik pikeun Ngarojong Ciamis Mandiri jeung Lestari

oleh

CIAMIS – Gerakan Amaliyah Ciamis Cinta Organik Sejati (GACCORS) terus nyorang léngkah pikeun ngadukung kabutuhan jeung kahayang masarakat lembur di Tatar Galuh. Kalawan visi ngaraketkeun cita-cita Ciamis nu maju, mandiri, jeung berkelanjutan, GACCORS ngawujudkeun éta ku prak-prakan nyata di lapang ngaliwatan program Pertanian Sehat Ramah Lingkungan Berkelanjutan (PSRLB).

Saur Kuswana Suwarman, Ketua Bidang GACCORS ogé salaku penggiat pelestarian alam, gerakan ieu lain saukur kumpulan program, tapi mangrupa gerakan amaliyah anu dicicingan ku niat tulus pikeun ngajaga lembur jeung ngahudangkeun kakuatan patani lokal.

“GACCORS téh hayang ngaronjatkeun pangaweruh jeung kamandirian patani lembur, ngaliwatan latihan nyieun kompos, pupuk cair, jeung pestisida alami. Bahan-bahanna aya di sabudeureun lembur, tinggal niat jeung terang cara ngolahna,” saur Kuswana basa ditempo ku wartawan, Salasa (25/6/2025).

Kagiatan panganyarna dilakukeun di Kacamatan Rajadesa ti tanggal 23 nepi ka 25 Juni 2025, diiluan ku 35 urang patani, nu 40 persenna teh kaum wanoja. Para patani kacida raresepeunana, sabab bisa langsung nyaho kumaha cara ngolah bahan alami tina tanaman nu geus aya di lembur.

“Daun dewa, meniran, korejat, sereh, jahe, kunyit jeung krokot téh aya di kebon, tinggal mulungan. Mun geus apal kumaha cara ngolahna, hasilna bisa karasa ku diri sorangan jeung kulawarga,” ceuk manehna.

Salian ti éta, GACCORS ogé ngaraos bungah lantaran kagiatan ieu meunang dukungan ti unsur pamaréntahan lokal kawas Camat, Kapala Desa, jeung ogé Majelis Ulama.

“Pamaréntah satempat jeung ulama daek silih gendong dina usaha pelestarian lingkungan jeung kaséhatan masyarakat. Ieu nunjukkeun yén kabutuhan kana pertanian ramah lingkungan téh geus jadi pangabutuh bareng,” saur Kuswana.

Numutkeun anjeunna, salah sahiji tantangan dina ngembangkeun program ieu nyaéta kurangna kahayang jeung pangaweruh ti sababaraha patani.

“Patani urang mah lamun geus nyaho jeung ningali hasilna, pasti semangat. Tapi lamun teu aya nu ngajarkeun jeung ngadampingan, mah hésé jalan. Kadang sok aya pendamping, tapi ngan datang sakalieun, balik deui sorangan, teu aya follow-up, ahirna program teu jadi nanaon,” pokna.

GACCORS, ceuk Kuswana, bakal terus tékad pikeun milu ngaronjatkeun pembangunan di Tatar Galuh Ciamis nu dipingpin ku Kangjeng Prabu DR. H. Herdiat Sunarya, kalayan ngareuah-reuah rido Illahi Rabbi.

“Gerakan ieu lain saukur nyiar hibah atawa proyék, tapi satékah polah pikeun ngajaga alam jeung ngajadikeun masarakat leuwih mandiri. Ieu jalan amal urang dina ngajaga karaharjaan barudak incu urang engké,” pokna nutup paguneman.

 

 

Penulis : Abraham